Latest Posts

Download CV (Curriculum Vitae) Terbaru 2021

Nadhom Anak Yatim

NADHOM ANAK YATIM

https://4.bp.blogspot.com/-dGQ5HOjTEAg/XMKkomVjKHI/AAAAAAAAAE0/Ua3xae-RGnsxpbXC0aHPt3y0I2wKNNWQQCEwYBhgL/s1600/YAMIMA-ilustrasi-anak-yatim.png

اللهم صلى وسلم وبارك عليه

Kanjeng nabi ngajamin ka anak yatim
Dina ‘idil fitri pang saena musim
Bade angkat ka masjid bade netepan
‘idil fitri aya budak seuseugrukan
Nangis pipir masjid baturna arulin
Rayap rame seunang bungah keur arulin
Manehna nyalindung semu seudih bingung
Nganggo kawai tambal butut ngalanglayung
Kapendak ku Rasululloh ras di bujeng
Ditaros kunaon nangis bae ujang
Pan ieu teh dinteun, bungah dinteun senang
Geuning ujang nangis kawas eukeur bingung
Jawabna teh aduh gusti yaktos pisan
Ieu dinteun bungah dinteun seuneung pisan
Seuneung soteh ka jalma nugaduh rama
Keur ka abdi mah ngaraos teu sugema
Ku ayana ‘idil fitri manah ringrang
Ingeut kana diri hirup teh nyorangan
Kiyeu rasana nudi tilar ku rama
Hirup sangsara beda sareng sasama
Teras ku Rasul teh dipangku dirau
Aduh ujang sok ngahudang macan turun
Nya iraha jeung di mana rama tilar
Jawabna teh ceunah waktos perang badar
Nudi pingpina ku kanjeng Rasululloh
Duka teuing anu mana henteu wawuh
Abdi ngagangsing hoyong meser anggoan
Kanggo senang bungah sareung rerencangan
Tapi ibu ka abdi kalakah nundung
Atos tilu dinteun ieu abdi pundung
Aduh kasep nyaah deudeuh teuing ujang
Apan ieu rama gusti rama ujang
Hayu urang ngadeuheus enggal ka ibu
Aisyah di bumi urang gentos baju
Kanjeng rasul bari nangis hey aisyah
Ieu putra urang anu nuju susah
Nyaeta ramana teh parantos tilar
Dina waktos pupugeutna peurang badar
Dauh isyah teh bae putra ibu
Tos timana urang siram gentos baju
Hey Fatimah ieu angkeun rai anjeun
Hey Ali geura araku dulur anjeun
Mana cucu deudeuh Hasan sareng Husein
Ieu mamang anjeun geura ajak ulin
Fatimah Ali Hasan Husein mideudeuh
Ngankeun dulur rai teras dibubungah
Dugika keun leungit rasa kayatiman
Ngangkeun ibu rama rasul anu heman
Saur hasan husein yu mang urang ulin
Sareung batur urang ameung gulen lilin
Teras ameung suka bungah ulin gatrik
Rasul teuras ngalakonan ‘idil fitri
Tah sakitu riiiwayatna Nabi urang
Ngajamin ka anak yatim conto urang
Pikeun conto urang keur hirup di dunia
Tiru ahwal ucap kanjeung anu mulya
Mudah-mudahan urang husnul khotimah
Maot teuteup iman islam pasti geunah
Susuganan ieu ageing manfaatna
Kanu maca anu butuh syafa’atna
Sareung urang diangkeun pisan umatna
Umat kanjeung umat anu pang mulyana
Sareung urang ngareup-ngareup syafa’atna
Anu dingaranan syafa’atul udzma
Aamiin Aamiin Aamiin Yaarobbal ‘Alamiin
Ditutup ku muji ka Rabbul ‘alamin.


Versi PDF dapat di unduh DISINI
Versi Vidio atau YouTube klik DISINI


************************************************************************************************* 


*************************************************************************************************

Komentar